Kamis, 11 Agustus 2016

Urang Sunda
Kalimantan Utara
Silaturahmi ka Manglé

Kénging Rumpaka M-Online
Mangle
Paguyuban Jawa Barat Kalimantan Utara silaturahmi ka Mangle [Potrét/Ilustasi: Opik]
Lunta jauh, najan ahirna bubuara di lembur deungeun, teu jadi sual. Lantaran, satukebing langit saamparing jagat gé, bumi Alloh. Saha waé gé bisa milih tempat geusan nyorang hirup jeung huripna.
Mémang ilahar deuih patukeur padumukan gé. Nu asalna ti lembur deungeun teu jarang nu milih tatar Jabar jadi pamatuhanana. Kitu deui urang Sunda nu aya di Kalimantan Utara gé teu sing kurung batok, da
loba nu milih bubuara di tempat séjén. Nu penting, tetep ngantengkeun katineung ka sarakan sorangan. Kitu di antara jejer obrolan
waktu urang Sunda Kalimantan Utara silaturahmi ka Kantor Majalah Manglé (Kemis, 3 Désémber 2015), dipupuhuan ku Uus Rusmanda. Obrolah ogé beuki ramé ngagorah ngalalakonkeun hirup di pangumbaraan, ti mimiti nyiar kipayah tepi ka kumaha waé dina ngabina hubungan jeung étnis-étnis lianna di pangumbaraan.
Uus saparakanca matuh di Kabupatén Tana Tidung, teu jauh ti Pulo Tarakan. Tacan pati réa urang Sunda anu bubuara di dinya téh, kurang leuwih 200 KK. Tapi najan kitu, kalawan pangjurung ku pakarepan nyieun beungkeutan duduluran sasarakan, urang Sunda anu maratuh di dinya geus bisa nyieun beungkeutan, dingaranan Paguyuban Jawa Barat.

Pupuhu Umum Mangle, Drs. H. Uu Rukmana, M.Si. nampi tawis soca ti Kang Uus Pupuhu Paguyuban Jawa Barat Kalimantan Utara
Dina mangsa ‘patalimarga’ beuki gampang, saperti ngaleuyahna papakas komuniksasi, wujud nyaah ka lembur, gampang dilaksanakeunana. Inget ka lembur, ceuk Uus ogé tangtu jadi bagian nu penting dina kahirupan. Wujud ngantengna tatali silaturahmi jeung jalma-jalama nu kungsi tepung atawa babarengan saméméhna, bisa ku cara manggihan atawa nepungan deuih boh sacara langsung boh teu langsung.
Nu mayeng jeung nu jul-jol nepungan Manglé mingkin dieu mingkin loba. Tangtu, matak bungah keur urang Sunda mah, da dulur-dulur nu dumuk di lembur batur, tetep ngendatkeun kanyaah ka dulur-dulur di lembur asalna.***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar