Kamis, 18 Agustus 2016

Ngatik Ulah Ukur Nyarita


Mangle
Teu cukup minterkeun otakna ngatik mah. Nu teu éléh pentingna téh ahlak jeung kalakuanana. Cindekna, ngatik téh kudu jadi cukang lantaran manusa masagi! Ngan, kumaha carana? Prof. Furqon, MA.,Ph.D. Rektor Universitas Pendidikan Indonesia (UPI) nepikeun pamanggihna ka Manglé.

Kamis, 11 Agustus 2016

Perkawis Manglé Online

Kénging Rumpaka M-Online
MUKADIMAH
Ping 21 Nopember 2012, Majalah Manglé jejeg nincak umur 55 taun. Dina umur satengah abad leuwih, Mangle geus ngalaksanakeun rupa-rupa tarékah, kaasup medalkeun deui website www.mangle-online.com nu leuwih mandiri tur representatif.
Sababaraha kamandang nu positif ti masarakat Sunda hususna, mémang salahsahiji nu ngalantarankeun ieu medalna website. Kituna téh sakumaha nu jadi tinimbangan nu ngokolakeun website, yén Manglé kiwari mémang salawasna geus dijadikeun rujukan ngeunaan kasundaan ku sababaraha pihak, di sakumna tempat. Hartina, ayana informasi kasundaan kacida diperlukeunana nu teu kahalangan jeung kawatesanan ruang jeung waktu. Ku kituna, didieu pisan, Mangle online leres-leres bakal

Urang Sunda
Kalimantan Utara
Silaturahmi ka Manglé

Kénging Rumpaka M-Online
Mangle
Paguyuban Jawa Barat Kalimantan Utara silaturahmi ka Mangle [Potrét/Ilustasi: Opik]
Lunta jauh, najan ahirna bubuara di lembur deungeun, teu jadi sual. Lantaran, satukebing langit saamparing jagat gé, bumi Alloh. Saha waé gé bisa milih tempat geusan nyorang hirup jeung huripna.
Mémang ilahar deuih patukeur padumukan gé. Nu asalna ti lembur deungeun teu jarang nu milih tatar Jabar jadi pamatuhanana. Kitu deui urang Sunda nu aya di Kalimantan Utara gé teu sing kurung batok, da

Nataharkeun Politikus
‘Gaya’ Tatar Sunda

Kénging Rudi H
Mangle
Dr. Sahya Anggara, nataharkeun politikus "gaya" Tatar Sunda [Potrét/Ilustasi: rudi]
Béda cai béda tampian. Kitu deui dina urusan politik. Masing-masing tempat kudu ngabogaan anu béda, lantaran nu diurus téh manusa nu boga ciri mandiri. Kumaha ari di Tatar Sunda Jawa Barat? Dr. Sahya Anggara, Drs., M.Si. Dekan Fisip, Universitas Islam Negeri (UIN) SGD Bandung bruk-brak ka Manglé.
Ngaléngkah kana alam démokrasi, loba nu hareugeueun! Nu asalna, loba ‘pamali’, robah jadi sarwa meunang. Kituna téh lantaran dasar-dasar dina ngalarapkeun politik gé loba nu

Kota Ayar Gedébagé
Antara Pangharepan jeung Kahariwang

Kénging Ayie Sundana
Mangle
Reuteumna belekok dina haur, lir ngajak urang dinya tetep bumetah di lemburna [Potrét/Ilustasi: AS]
Mun ayeuna ngalanglang wewengkon gedébage, bisa jadi geus loba nu mimiti robah. Apan, ka tukang-tukang mah, pasawahan upluk-aplak, jadi harepan para patani nyumponan pangabutuh hirupna. Arinyana, teu kudu jauh lumaku mun hayang meunang pangasilan, da akri riab ka sawah metakeun rupa-rupa tarékah.
Ayeuna, lain bihari. Geus loba nu robah lebah dinya téh.

Sagagang Kembang Anyelir

Kénging Tety S. Nataprawira
Mangle
SN1461746613.jpg [Potrét/Ilustasi: agus m]
Rada reuwas basa manéhna ‘curhat’ téh. Obrolanana bet bras kana kahayangna boga salaki. Umurna mah sahandapeun Si Bungsu anak Ki Sobat téh, tapi geus kungsi ngalaman laki rabi, ngan gagal. Kitu cék Bapana ka kuring.
Karasa jeung kabandungan  pisan, kumaha dagdag-dégdégna  basa manéhna ngawulaan, sabot kuring ngéndong di imahna. Nyadiakeun kaperluan dahar nginum jeung sapuratina, malah tempat tidur gé dipangmérésankeun. Teu bina, asa dikaulaan ku anak sorangan.
Balik reunian harita téh. Diajakan
 Pasanggiri Cover Mangle Rumaja 2016

Panitia nampi pendaftaran unggal dinten tabuh 8 dugi ka Tabuh 5.
Tempat pendaftaran:
- Sekretariat Mitra Rumaja Jl. Pangkur No. 2 Bandung
- Kantor Redaksi Mangle Jl. Pangkur No. 20 Bandung