MUKADIMAH
Ping 21 Nopember 2012, Majalah Manglé jejeg nincak umur 55 taun. Dina umur satengah abad leuwih, Mangle geus ngalaksanakeun rupa-rupa tarékah, kaasup medalkeun deui website www.mangle-online.com nu leuwih mandiri tur representatif.
Sababaraha kamandang nu positif ti masarakat Sunda hususna, mémang salahsahiji nu ngalantarankeun ieu medalna website. Kituna téh sakumaha nu jadi tinimbangan nu ngokolakeun website, yén Manglé kiwari mémang salawasna geus dijadikeun rujukan ngeunaan kasundaan ku sababaraha pihak, di sakumna tempat. Hartina, ayana informasi kasundaan kacida diperlukeunana nu teu kahalangan jeung kawatesanan ruang jeung waktu. Ku kituna, didieu pisan, Mangle online leres-leres bakal